Mieling Dinten Ibu
ping 22 Desember 2014
Ibu...
nu kaleresan nuju teu damang,
mugia Ibu sing enggal damang,
mugia sadaya kanyeri nu karaos
digentosan ku ni'mat ti Gusti nu langkung ageung
Ibu...
sim kuring neda dihampura,
dina sagala paripolah, tutur basa
bilih aya nu matak milaraan ka Ibu
rumaos sim kuring seeur ngarepotkeun
rumaos sim kuring teu acan tiasa ngabagjakaeun
Ibu...
sim kuring mung tiasa ngahaturanan du'a
mugia Ibu panjang yuswa bari sehat wal 'afiat jagjag waringkas saterasna
mugia Ibu ditebihkeun tina hal nu matak picilakaeun sareng pirugieun saterasna
mugia Ibu kalungsuran rizki anu barokah nu mangpaat dunya akherat saterasna
mugia Ibu teras dina taufik sareng hidayah ti Gusti saterasna
mugia Ibu laksana sagala rupi anu dicita-citakeun saterasna
mugia Ibu ditangtayungan ku Gusti Anu Maha Welas tur Anu Maha Asih saterasna
mugia Ibu dina kasaean, istiqomah iman islam, tiasa kacandak dugi manjing sawarga ... Aamiin
Ibu..
sim kuring oge neda pidu'ana
mugi sim kuring tiasa janten istri sareng ibu nu sholeh sapertos Ibu
mugi sim kuring tiasa ngajejeuhkeun kulawarga sapertos Ibu
mugi sim kuring tiasa ngawurukan murangkalih supados sholeh
mugi sim kuring tiasa gaduh sipat sabar, tawadho, berehan sapertos Ibu
mugi sim kuring tiasa masak sayur lodeh nu raos sapertos Ibu
seeur deui anu kasuhun nu teu tiasa disebatan hiji-hijina
Wilujeng Mieling Dinten Ibu
Ibu Suparsih binti Mbah Mujinah wa Mbah Amat Rasidi weton Kemis,
ti :
Bapa Sugih Harto
Ani & Dede Adijaya
Fitria Nur Rohmat
Eka Rizqika Fathonah
Euis Nur Laelly
Rangga Wiguna
Ambuna Euis Bojona Dede
Senin, 22 Desember 2014
Jumat, 12 Desember 2014
dongeng katilu
:: resep cau goreng rangu
jieunan ambunaeuis ::
kahiji lembutkeun cau kepok nu geus asak sapuluh siki mah kadua tambahan ku susu kentel amis "fr*s**n fl*g G*ld" kirang lankung 8 sendok kanu
adonan kahiji katilu tambahan tipung tarigu we saeutik, meh adonan rada geus
bisa dicitak kaopat citak we adonan teh, rek baruleud heug! Rek ipis heug wae!
Rek paranjang oge terserah eta mah !
kalima sayogikeun tilu wadah pikeun kocokan endog dua siki
mah, terus tepung "serbaguna s*s* pisang goreng" (aya di pasar) dina piring nu
sejen, terus nu hiji deui jang tepung
roti kasar (aya di pasar tos disadiakeun).
kagenepna adonan nu geus dicitak tadi, baluran ku kocokan endog, terus guling-gulingkeun dina "tepung pisang goreng" baluran sakali deui kana kocokan endog.....tah pandeuri mah baluran ku "tepung roti"
nu katujuh meh alus (tepung roti teu maruragan) abuskeun heula sapuluh menit kana "priser" kadalapan bari ngantosan sapuluh menit, panaskeun lisah kalapa, seneu kompor ulah gede teuing bisi gampang tutung. Terus goreng si cau tadi nepi ka kelir na coklat ngora kasalapan angkat, tuuskeun. Geus tuus mah purulukan ku gula aren....tambahan we parudan "keju kr*ft"
sapuluhna mangga....dituang, ulah hilap Bismillah heula !
resep banana katsu ala ambunaeuis
1. hancurkan pisang kepok yang sudah matang 10 buah 2. tambahkan susu kental manis kurang lebih 8 sendok makan ke adonan pertama 3. tambahkan tepung terigu sedikit saja, agar adonan bisa dicetak 4. cetak adonan, bebas mau bulat silahkan! mau tipis boleh! mau panjang-panjang juga terserah saja!
5. siapkan tiga tempat, satu untuk kocokan telur (2 buah saja), tepung serbaguna merk s*s* pisang goreng di tempat yang lain dan tempat satu lagi untuk tepung roti kasar (di pasar swalayan juga ada)
6. adonan yang sudah dicetak, lumuri dengan kocokan telur, lalu digulingkan sekali lagi di kocokan telur...dan yang terakhir lumuri dengan tepung roti
7. agar bagus (remah tepung roti tidak berjatuhan) masukan dulu 10 menit ke freezer
8. sambil nunggu, panaskan minyak kelapa, api nya jangan terlalu besar nanti mudah gosong. lalu goreng saja pisangnya sampai berwarna coklat muda/keemasan. 9. angkat, tiriskan. jika sudah tiris minyaknya taburi dengan gula aren ditambah parutan keju
10. silahkan dimakan, jangan lupa baca Bismillah dulu !
Rabu, 03 Desember 2014
Dongeng kadua
ngantosan waktos manceran
rarasaan mah tunduh kacida
rarasaan mah hoyong geura ngabujeng sonten
nu pasti mah urang geura nuang sangu jeung rencangna
pindang lauk emas, kumeli mustopa, kurupuk bawang jeung sambel
Nuhun Gusti, tos ditepangkeun sareng dinten ieu
Nuhun Gusti, tos nangtayungan abdi sakulawarga
Nuhun Gusti, Anu Maha Welas sareng Maha Asih
Rejeki nu sakieu nyampakna sareng kasanding
nu pohara gampileun Gusti mah
menunggu jam 12 siang
rasanya ngantuk
rasanya ingin cepet sore
yang pasti, segera makan nasi dan lauknya
pindang ikan mas, kentang mustopa, kerupuk bawang dan sambel
Terimakasih Yaa Alloh, yang mempertemukan dengan hari ini
Terimakasih Yaa Alloh, yang melindungi kami sekeluarga
Terimakasih Yaa Alloh, Yang Maha Pengasih lagi Maha Penyayang
Rezeki yang begitu terlihat dan nyata
perihal ini mudah untuk-Mu Yaa Alloh

Selasa, 02 Desember 2014
dongeng kahiji
assalamu'alaikum...
basa sunda:
saderek sareng dulur sadaya, nepangkeun sim kuring nembe ngadamel blog enggal nu dinamian ambunaeuis.blogspot.com
mudah-mudahan tiasa masihan manfaat terutami kanggo sim kuring
teu hilap abdi ngahaturkeun nuhun kanggo:
kazehikaru29.blog.com, dwivernanda.blogspot.com, pa syukuri we (anjeunna hilapeun nami blog nu diangge) hatur nuhun pisan kana kasaean nana nya lur...
dicekapkeun sakieu heula, hatur nuhun
bahasa-ibu pertiwi:
saudara sekalian, kenalkan saya baru saja membuat blog yang dinamai ambunaeuis.blogspot.com semoga bisa memberikan manfaat terutama untuk diri saya sendiri
tidak lupa saya ucapkan terima kasih untuk:
kazehikaru29.blog.com, dwivernanda.blogspot.com, pa syukuri saja (beliau lupa nama blog sendiri) terimakasih atas kebaikannya ya...
dicukupkan sekian, terima kasih
wassalam...

Langganan:
Postingan (Atom)